Poe Basa Indung SMAN 1 Cikijing

Poe Basa Indung SMAN 1 Cikijing

Zahra Sri Rahayu dan Tim Jurnalis Siswa SMAN 1 Cikijing

Basa indung nyaèta basa anu diajarkeun ku kolot ka anakna, basa mimiti anu dipikabisa ku manusa samèmèh bisa makè bahasa Indonesia atawa basa sèjèn, pikeun interaksi ka masarakat. Tanggal 17 Nopémber 1999, UNESCO netepkeun tanggal 21 Pébruari minangka Poé Basa Indung Internasional. Tanggal éta dipilih sabab pas sareng pembunuhan dina bajoang pikeun basa Bengali di Dhaka, Bangladés taun 1952.

Dina poè salasa, 21 Pèbruari 2023, masarakat SMAN 1 Cikijing mièling poè basa indung pikeun mertahankeun basa indung anu geus jarang dipakè dina kahirupan sapopoè. Utamana ku siswa/siswi lantaran ngarasa gengsi sieun disangka teu gaul atawa kampungan.  

Acara di mimitian ku bubuka ku Wulan Sri Maolani rejeung Rahman. Acara kadua pamapag ti guru basa sunda-Ibu Yeni Kusmawati, S.pd, rejeung pamapag ti Ibu pupuhu SMANCI-Ibu Dra.Hj.Yani Malihah. Salajengna acara kaulinan tradisional anu di barengan ku kawih. Unggal kelas wajib nampilkeun kaulinan tradisional sunda sangkan teu mopohokeun kana kabudayaan sunda. Tuluy acara pasanggiri mojang jajaka tiap kelas anu ditilik ku juri, tina kakompakan boh tina cara leumpang. Acara terakhir nyaèta tanya jawab ngeunaan pentingna ngamumulè basa sunda.

Miéling Poé Basa Indung Internasional dijadikeun momen pikeun leuwih nguatkeun komitmen, pentingna karagaman budaya jeung linguistik pikeun masarakat. Sakuduna urang salaku urang sunda ngamumulè tur ngamekarkeun basa jeung budaya sunda. Ku ayana peringatan poè basa indung dipiharep bisa ngajaga tur ngariksa basa sunda di lingkungan, hususna di lingkungan sakola.

Silakan masukan komentar...

Komentar:

Hacked By X3ND1 - D7 on: 13 Feb, 2024 07:18 pmDelete

Reply

test on: 13 Feb, 2024 07:18 pmDelete

teste

Reply